KORODOK (WHAT GOES ON)

Original lyrics by Lennon/McCartney
Sundanese lyrics by Tata Danamihardja


Korodok jerawat
Korodok kaluman
Nu ningali sok lumpat, meureun sieun dihakan
Korodok kaluman

Sok galede kawas batu jerawat ngaliud
Na beungeut matak sieun batur jadi ngarempod
Disangkana meureun kuring teh balad, ririwa

Ameh ngurangan kuring sering neangan obat
Ngan hanjakalna geuning panyakit teh ngalawan
Dianggapna meureun kuring teh balad, ririwa

Lamun pusing cageur hese ngabangbrangkeun hate
Kudu hiburan lalajo pilem nu rarame
Asal ulah lalajo pilem jurig, ririwa

Click player button to listen:
Korodok (What Goes On)

Catatan:
Klik tombol jika Anda suka tulisan ini. Komentar boleh Anda tulis pada kotak di bawah ini.

Baca Juga: