Song of the Day




Sunda Bitel. The One and Only Sundanese Beatles Tribute Band

Archieves

Statistics

HTML hit counter - Quick-counter.net
Tampilkan postingan dengan label girl. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label girl. Tampilkan semua postingan

KORET PISAN

(DON'T LET ME DOWN)
Original version by John Lennon & Paul McCartney
Sundanese version by Tata Danamihardja

Koret pisan, koret pisan
Koret pisan, koret pisan

Padahal moal matak koredas
koredas, koredas
Mun aya rejeki mere ka kami
Mere kami, sing iklas

Koret pisan, koret pisan
Koret pisan, koret pisan

Mun mere tong itungan
Kudu bari jeung iklas
Kitu ge mun hayang bener
teu matak kantong kempes

Koret pisan, koret pisan
Koret pisan, koret pisan

Nu tara mere disebut si pedit
Ooh si pedit, kedekut
Tapi mun mere tong hayang kapuji
Ke ku kami, dijenggut

Koret pisan hey, koret pisan
uuuhh, koret pisan

Listen:
Read more

Keun (Girl)

Original version by John Lennon and Paul McCartney
Vocal & Sundanese Lyrics by Tata Danamihardja


Tas dibere roti manehna sok menta mari
Majar teh meungpeung nuju santey
Disangkana geus kitu kuduna aduh sori
Kitu peta teh kurang hade

Ah keun, keun

Wedalna Juma'ah kaliwon di imah suster
Jeung indung bapana paturay
Beukina amis-amis komo kana es puter
Daharna bari ngabaheuhay

Hiji mangsa waktu muludan
Diteke ku Pa Saepul
Da nyebut goreng patut
Bari moyok Pa Saepul jadul

Bareto kuring sok hayang neke make siwur
Dipapatahan ge sok hese
Tapi ayeuna kuring mikir eta teh batur
Bisi jadina kurang hade

Read more