JIGA MADONNA

(LADY MADONNA)

Original version: John Lennon & Paul McCartney
Sundanese version: Tata Danamihardja

Jiga Madonna, mung rada sipit
Jongjon nyawang ka luhur neuteup langit
Ku naon mani henteu ngareret
Sumpahna ge Akang mah sanes copet

Bade naros sora henteu bentes
Bade ngobrol sesah ngawitan
Bade noel sok sieun diprotes
Bingung pisan!

Jiga Madonna, padamel Polres
Sok ngagarap kasus teras diproses

Jiga Madonna, putra Pa Ubed
Unggal dinten pasti sok nuang boled

Teu kenging manyun sok komo jeding
Pami Akang tos nitip salam
Pami jeding Akang tangtos pusing
Bingung pisan!

Download

Listen:



Catatan:
Klik tombol jika Anda suka tulisan ini. Komentar boleh Anda tulis pada kotak di bawah ini.

Baca Juga: